Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
27 Januari nyaéta poé ka-27 dina sataun dina kalénder Gregorian, sésana 338 poé (339 dina taun kabisat).
- 1785 – Universitas Georgia diadegkeun minangka universitas umum munggaran di Amérika Sarikat.
- 1820 – Hiji Ékspédisi Rusia pingpinan Fabian Gottlieb von Bellingshausen jeung Mikhail Petrovich Lazarev manggihan daratan Antartika.
- 1825 – Kongrés AS nyatujuan kana Wilayah Indian (kiwari Oklahoma), ngalancarkeun jalan pikeun pamindahan urang Indian Wétan dina naon anu disebut "Jalur Cipanon".
- 1868 – Perang Boshin: Patempuran Toba-Fushimi dimimitian antara pasukan Shogun Tokugawa ngalawan faksi-faksi pro-kakaisaran; éngkéna shogun kasoran sarta mangrupa poin penting pikeun Réstorasi Méiji.
- 1869 – Perang Boshin: Tokugawa ngadegkeun Républik Ezo di Hokaido.
- 1880 – Thomas Edison nampa patén pikeun bohlam.
- 1918 – Perang sodara di Finlandia dimimitian.
- 1927 – Ibnu Saud jadi raja Nejad.
- 1943 – Perang Dunia II: Pasukan Udara ka-8 nyiapkeun 91 pasawat B-17 jeun B-24 pikeun nyerang pabrik U-boat di Wilhelmshaven, Jérman. Ieu téh mangrupa serangan bom Amérika ka Jérman nu munggaran.
- 1944 – Perang Dunia II: Pangepungan Leningrad salila 900 poé lekasan.
- 1951 – Operasi Ranger: Amérika nguji coba nuklir di Situs Uji Coba Nevada.
- 1973 – Kasapukan Daméy Paris sacara rasmi mungkas Perang Viétnam. Kolonél William Nolde nu maot nalika keur perang jadi korban perang pamungkas ti AS nu kacatetkeun.
- 1980 – Ku cara réréongan jeung pamaréntah Kanada, genep diplomat Amérika hasil dikaluarkeun tina pacéngkadan di Iran, minangka klimaks tina operasi panyalametan "Canadian Caper".
- 1983 – Poros pilot Torowongan Seikan, torowongan handapeun laut pangpanjangna di dunia (53.85 km) antara Pulo Honsu jeung Hokaido di Jepang, hasil nembus ujung ka ujung.
- 1996 – Dina hiji kudéta militer, Kolonél Ibrahim Baré Mainassara nyingkirkeun présidén kahiji Nigeria nu kapilih sacara démokratis, Mahamane Ousmane.
- 1996 – Jérman mimiti miéling Poé Panginget-nginget Panelasan Massal Internasional.
- 2002 – Beledugan di hjij fasilitas panyimpenan militer di Lagos, Nigeria, nelasan saheunteuna 1.100 jalma sarta ngungsikeun 20.000 séjénna.
- 2010 – Krisis konstitusional Honduras 2009 réngsé nalika Porfirio Lobo Sosa manjing présidén Honduras.
- 2011 – Arab Spring: Révolusi di Yaman dimimitian nalika 16.000 pamoha démonstrasi di Sana'a.
- 2013 – Dua ratus opat puluh dua jalma maraot dina hiji kahuruan di kleub peuting di Kota Santa Maria, Rio Grande do Sul, Brasil.
- 1571 – Abbas I, raja Dinasti Safawi di Parsi (td. 1629)
- 1756 – Wolfgang Amadeus Mozart, komposer Austria (td. 1791)
- 1790 – Juan Álvarez, jéndral jeung présiden Méksiko (1855) (td. 1867)
- 1795 – Eli Whitney Blake, insiyur Amérika, nu nyiptakeun konci Mortise / konci panto (td. 1886)
- 1832 – Lewis Carroll, sastrawan Inggris (td. 1898)
- 1859 – Wilhelm II, Kaésar Jérman pamungkas (td. 1941)
- 1929 – Mohamed Al-Fayed, pangusaha Mesir
- 1956 – Mimi Rogers, artis Amérika
- 1957 – Frank Miller, sutradara Amérika
- 1964 – Bridget Fonda, artis Amérika
- 1971 – Ricky Subagja, atlét batminton Indonésia
- 1976 – Maia Estianty, panyanyi Indonésia
- 1979 – Rosamund Pike, artis Inggris
Poé peré / poé panginget-nginget[édit | édit sumber]
- Poé Panginget-nginget Holocaust Internasional
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|