Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
19 Oktober nyaéta poé ka-292 dina sataun (ka-293 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 73 poé.
- 1386 – Univérsitas Heidelberg ngalumangsungkeun kuliah munggaran, jadi minangka univérsitas pangkolotna di Jérman.
- 1912 – Italia ngarebut daérah anu ayeuna disebut Libya ti Turki dina Perang Itali - Turki.
- 1943 – Streptomycin, antibiotik munggaran pikeun ngubaran TBC ditimukeun ku para panaliti di Univérsitas Rutgers.
- 1944 – Amérika Sarikat ngadarat di Philipina pikeun ngalawan pasukan Jepang.
- 1950 – Cina ngéléhkeun pasukan Tibét dina hiji perang di Chambo.
- 1950 – Patempuran Pyongyang dina Perang Koréa rengse dina kameunangan pikeun AS. Sabaraha jam ti harita Pasukan Cina daratang ka Koréa.
- 1956 – Uni Soviét jeung Jepang néken Déklarasi Babarengan, ngeureunan kayaan perang di antara dua nagri nu geus lumangsung ti bulan Agustus 1945.
- 1960 – Amérika Sarikat nerapkan émbargo ampir pinuh ka Kuba.
- 1974 – Niue ngabogaan pamaréntahan sorangan dina koloni Selandia Baru.
- 1986 – Présidén Mozambik Samora Machel jeung hiji pamingpin utama FELIMO sarta 33 séjénna maraot lantaran pasawatna ragrag di Pagunungan Lebombo.
- 1987 – Amérika Sarikat nyerang dua kilang minyak Iran di Teluk Parsi, dina Operasi Panah Kilat.
- 1987 – Tragedi Bintaro, dua karéta api diadu di Jakarta. Korban palastra 156 urang, ratusan tatu.
- 2001 – SIEV X (sesebutan Australia pikeun parahu nu teu dikenal), parahu nalayan Indonésia nu ngakut 400 imigran nu néang suaka rék ka Pulo Krismas, tilelep di pacaian intérnasional, 353 maraot.
- 2005 – Saddam Hussein dibawa ka pangadilan di Baghdad pikeun kajahatan ngalawan kamanusaan.
- 2005 – Topan Wilma jadi minangka topan Atlantik pangtohagana nu kacatet, ku minimal tekanan 882 mb.
- 2012 – Bom mobil di Achrafieh Béirut, nandasa hiji jéndral Libanon jeung tujuh urang séjénna, sarta nyideraan 110 urang.
Poé peré /poé panginget-nginget[édit | édit sumber]
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|