Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
26 April nyaéta poé ka-116 dina sataun (ka-117 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 249 poé.
Kajadian
- 1607 – Kolonis Inggris ngadarat di Tanjung Henry, Virginia.
- 1777 – Sybil Ludington, umur 16 taun, tutunggangan sajauh 40 mil (64 km) pikeun ngabéjaan pasukan kolonial Amérika ngeunaan datangna pasukan réguler Inggris.
- 1794 – Patempuran Beaumont wanci Kampanye Flanders dina Perang Koalisi Kahiji.
- 1802 – Napoleon Bonaparte néken hiji amnesti umum nu ngijinkeun sakabéh émigran Révolusi Perancis kajaba saratus rébu urang nu pangkasohorna dina raraga gerakan rékonsiliasi jeung faksi-faksi Réjim Ancien sarta ujung-ujungna nerapkeun aturanna sorangan.
- 1803 – Rébuan pecahan metéor murag ti awang-awang L'Aigle, Perancis; Kajadian éta ngayakinkeun élmuwan Éropa kana ayana metéor.
- 1805 – Perang Barbar Kahiji: Marinir Amérika Sarikat ngarebut Derne dipingpin ku Létnan Hiji Presley O’Bannon.
- 1865 – Pasukan Kavaleri Union ningker jeung némbak mati John Wilkes Booth, jalma nu nelasan Présidén Abraham Lincoln, di Virginia.
- 1903 – Atlético Madrid A.F.C. diadegkeun.
- 1923 – Pangéran York ngadahup ka Lady Elizabeth Bowes-Lyon di Westminster Abbey.
- 1925 – Paul von Hindenburg ngéléhkeun Wilhelm Marx dina puteran kadua pamilihan présidén Jérman pikeun jadi pupuhu nagara Républik Weimar nu munggaran dipilih sacara langsung.
- 1933 – Gestapo, pasukan polisi rahasia rasmi Nazi Jérman, diadegkeun.
- 1937 – Perang Sipil Spanyol: Guernica, Spanyol, dibombardir ku pasawat Luftware Jérman.
- 1942 – Kacilakaan Benxihu Colliery di Manchukuo ngabalukarkeun maotna 1.549 panambang Cina.
- 1943 – Pakéwuh Paskah lumangsung di Uppsala, Swédia.
- 1944 – Georgios Papandreou jadi pupuhu pamaréntahan Yunani di pambuanganna di Mesir.
- 1944 – Heinrich Kreipe kacerek ku pasukan Sakutu di wilayah pangdiukan Krete.
- 1945 – Perang Dunia II: Patempuran Bautzen: Serangan pamungkas tank Jérman nu hasil dina perang sarta kameunangan panungtungan dina Operasi Wehrmacht.
- 1954 – Konferénsi Jénéwa, hiji usaha pikeun mulangkeun katingtriman di Indochina jeung Koréa dimimitian.
- 1956 – Kapal Laut Ideal X, kapal kontainer nu munggaran jalan di dunya, miang ti Palabuan Newark, New Jersey ka Houston, Texas.
- 1960 – Diteken ku Révolusi April, Présidén Koréa Kidul, Syngman Rhee mundur sabada sacara diktator ngawasa salila 12 taun.
- 1964 – Tanganyika jeung Zanzibar ngagabung jadi Tanzania.
- 1966 – Hiji pamaréntahan anyar diadegkeun di Républik Kongo, dipingpin ku Ambroise Noumazalaye.
- 1970 – Konvénsi Pangadegan Organisasi Kakayaan Intelektual mimiti lumaku.
- 1981 – Dr. Michael R. Harrison ti Universitas California, Puseur Kaséhatan San Fransisco, midangkeun bedah janin manusa nu munggaran.
- 1982 – Lima puluh tujuh jalma nemasing pati nalika manten patugas pulisi Woo Bum Kon némbakan sakarepna di Propinsi Gyeongsang Kidul. Koréa Kidul.
- 1982 – Pasukan Argéntina di Pulo Georgia Kidul, deuket Kapuloan Malvinas, nyarerah ka Inggris.
- 1982 – Rod Stewart dibégal, mobil Porche-na nu hargana $50.000 dibawa kabur.
- 1986 – Kacilakaan réaktor nuklir lumangsung di Pabrik Tanaga Nuklir Chernobyl di Uni Soviét (kiwari Ukraina), tilu puluh hiji jalma maraot. Kontaminasi radioaktif nerekab semet ka Éropa Kulon.
- 1989 – Tornado paling maut nu kungsi kanyahoan narajang Bangladésh, nelasan nepi ka 1.300 jalma, nyideraan 12.000 urang sarta 80.000 urang leungiteun imahna.
- 1994 – Pasawat Maskapai Cina nomer 140 murag di Bandara Nagoya di Jepang, nelasan 264 tina 271 jalma di sajeroeunna.
- 2002 – Robert Steinhäuser nelasan 16 jalma di Gimnasium Gutenberg di Erfurt, Jérman méméh paéh ku témbakanna sorangan.
- 2005 – Dina tekenan internasional, Suriah narik 14.000 pasukanna nu panungtung ti Libanon, mungkas dominasi nagara éta di Libanon salila 29 taun.
- 2018 – Komédian Amérika, Bill Cosby, dinyatakeun salah alatan panglécéan séksual.
- 2019 – Genep kasangka milisi nu pakait jeung téror di Sri Langka sarta sapuluh baturna maraot dina hiji tétémbakan jeung pulisi di Sainthamaruthu.
Nu babar
- 121 – Marcus Aurelius, kaésar Romawi (td. 180)
- 1944 – Amien Rais, katua MPR 1999-2004
- 1944 – Sophan Sophian, aktor, pulitisi Indonésia (td. 2008)
- 1949 – Carlos Bianchi, pamaén, palatih bola Argéntina
- 1959 – John Corabi, musisi Amérika (Motley Crue)
- 1960 – Roger Taylor, panabeuh dram Inggris (Duran Duran)
- 1963 – Jet Li, aktor Mandarin
- 1965 – Kevin James, aktor Amérika
- 1967 – Glenn Thomas Jacobs, pagulat profésional Amérika, leuwih sohor ku sebutan Kane
- 1970 – Melania Trump, modél Slovania-Amérika; ibu nagara AS
- 1977 – Tom Welling, aktor Amérika
- 1980 – Jordana Brewster, artis Amérika-Panama
- 1980 – Channing Tatum, aktor Amérika
- 1999 – Ranty Maria, artis Indonésia
Nu pupus
Poé peré / poé panginget-nginget
- Poé Kakayaan Intelektual Dunia
Tumbu luar
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|