www.fgks.org   »   [go: up one dir, main page]

Lompat ke isi

Pesta laut

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Pésta Laut nyaéta tradisi anu dipigawé minangka kedalan sukur ka Pangéran Anu Maha Ésa anu geus méré berkah ka pamayang salila sataun.[1] Aya ogé anu percaya lamun pésta laut minangka acara pikeun ménta kasalametan ti pamayang ka Nyi Roro Kidul.[1] Warga percaya dewi éta téh panunggu Basisir Kidul.[1] Waktu pésta laut, warga mawa sasajén anu diteundeun dina tilu jampana.[1] Tuluy, sasajén éta dibawa ka tengah sagara sarta diteuleumkeun di tengah sagara.[1] Tempat pésta laut deukeut perairan Batu Layar, atawa kira-kira lima mil sagara ti Basisir Wétan Pangandaran.[1] Ratusan parahu kalayan sagala rupa kelir sarta hiasan, umbul-umbul écés kasampak.[1] Parahu-parahu kasebut milu marengan parahu nu mawa joli atawa dongdang anu eusina rupa-rupa sasajén dina kagiatan sukuran atawa hajat sagara ieu.[1] Iring-iringan warga milu nganteur nepi ka ka tepi sagara.[1] Pésta laut geus dipigawé sacara turun-temurun sarta jadi tempat pikeun silaturahmi antar pamayang.[1] Kagiatan ieu ogé dianggap minangka ngamumulé budaya pamayang.[1] Biasana, acara ieu lumangsung salila sabulan pinuh.[1] Saméméh penclut acara pésta laut, maranéhanana ngayakeun pasanggiri di sagara.[1] Kitu ngadeukeutan peuting penclut, acara ogé beuki nambahan.[1] Masarakat dihibur kalayan ruatan wayang golék sarta dangdutan has basisir.[1] Pesta laut ieu diayakeun saban sataun sakali,iwal ku wewengkon pangandaran pésta laut ogé sok dipigawé ku masarakat basisir séjénna, saperti di Indramayu, Jakarta jeung wewengkon basisir séjénna.[2] Dina kagiatan éta ogé dipintonkeun pagelaran wayang kulit,ngeureut munding, pakéan adat 33 propinsi, sarta pawéy parahu ku 14 jumplukan pamayang.[2] Acara pésta laut ieu para pamayang baris ngarebutkeun cai jamas, nyaéta getih munding minangka cai berkah sarta gunungan anu dilarungkan.[2] Kalayan ritual Nadran atawa pésta laut kasebut, engkéna diharepkeun tumuwuh rasa silih asih antara masarakat basisir.[2] Diyakini ogé ku pamayang, réngsé pesta laut ieu biasana hasil nagla laukna ngaronjat.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o (id)seni budaya pesta laut Archived 2016-11-12 di Wayback Machine (diaksés tanggal 21 November 2011)
  2. a b c d e (id)pesta laut ramaikan jakarta[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 21 November 2011)