Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Interior wangunan garéja di Alofi, 1896. (poto ku Thomas Andrew (1855-1939)
Niue (basa Niue: Niuē), mangrupa hiji nagara kapuloan di Samudra Pasifik Kidul. Niue ilaharna katelah ogé salaku "Batu Polinésia" (Rock of Polynesia). Niue aya 2.400 km kalér-wétaneun Selandia Anyar dina hiji sagitilu antara Tonga, Samoa, jeung Kapuloan Cook.
Sanajan maréntah sorangan, Niue aya dina asosiasi bébas jeung Selandia Anyar, jeung kirang kadaulatan pinuh. Sadaya urang Niue mangrupa rahayat Selandia Anyar jeung Ratu Elizabeth II mangrupa pupuhu nagara Niue dina kapasitasna salaku Ratu Selandia Anyar.
Dina 2003, Niue jadi "bangsa WiFi" nu kahijina di dunya, nu mana aksés Internét nirkabel gratis disadiakeun di saantéro nagri ku Masarakat Pamaké Internét-Niue.[3]
Olahraga
Tim Niue tujuh ngalaksanakeun haka
Rugby union mangrupa hiji olahraga nu populér, dimaénkeun boh ku lalaki atawa awéwé; Niue mangrupa juara FORU Oceania Cup 2008.[4] Netball dimaénkeun ngan ku awéwé. Aya tempat golf salapan liang di Fonuakula. Aya bowling jukut héjo dina pawangunan. Asosiasi méngbal populér dibuktikeun ku Turnamén Méngbal Niue.
Tempo ogé
Bacaan salajengna
- Hekau, Maihetoe & al., Niue: A History of the Island, Suva: Institute of Pacific Studies (USP) & the government of Niue, 1982 [no ISBN]
- Tregear, Edward, "Niue: or Savage Island" Archived 2010-06-26 di Wayback Machine, The Journal of the Polynesian Society, vol.2, March 1893, pp. 11–16
Réferénsi
Tumbu kaluar
- Pamaréntah
- Informasi umum
- Pelesir
Tempo ogé Niue di Wikivoyage
- Nu séjén
Koordinat: 19°03′S 169°55′W / 19.050°S 169.917°W / -19.050; -169.917