Basa Inggris

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Basa Inggris (English)
Dipaké di: Britania, AS, Kanada, Australia, Filipina jeung séjénna
Wewengkon: Kalolobaan Éropa Kulon, Amérika Kalér jeung Australasia
Jumlah pamaké: Pamaké asli: 402 juta

Minangka basa kadua: sakitar 600 yuta

Urutan ka: 3
Klasifikasi rungkun basa: Indo-Éropa

 Jermanik
  Kulon
   Inggris

Status resmi
Basa resmi di: tempo di handap
Diatur ku: teu aya
Sandi basa
ISO 639-1 en
ISO 639-2 eng
ISO 639-3
SIL ENG
Tempo ogé: Basa - Daptar basa

Basa Inggris (basa Inggris: English) nyaéta basa Jérmanik Kulon, nu asalna ti Inggris. Basa ieu mangrupa kombinasi antara sababaraha basa lokal nu dipaké ku urang Norwégia, Dénmark, Saxon jeung Angel ti abad ka-6 nepi ka-10. Dina taun 1066, ku sabab ditalukkeunana Inggris ku William the Conqueror, satuluyna basa Inggris kalayan kacida inténsifna mulai dipangaruhan ku basa Latén jeung basa Perancis. Tina sakabéh kosakecap basa Inggris modéren, diperkirakeun ±50% na asalna tina basa Perancis jeung Latén.

Sajarah basa Inggris[édit | édit sumber]

Tuwuhna basa Inggris biasa dibagi numutkeun tilu mangsa:

  • Basa Inggris Kuna atawa basa Anglo-Saxon, taun 7001066
  • Basa Inggris Tengahan, antara taun 10661500
  • Basa Inggris Anyar, mulai ti abad ka-16

Basa–basa sakulawarga[édit | édit sumber]

Basa Inggris kagolongkeun kana rungkun basa Jérmanik, utamana tina cabang Jérmanik Kulon. Kulawarga pangdeukeutna nyaéta basa Friesland. Lian ti éta, basa Walanda (kaasup ogé basa-basa Jérman hilir lianna) kaasup deukeut kénéh. Basa Jérman (Basa Jérman tonggoh) rada leuwih jauh deui.

Tapi ti sakabéh basa Jérmanik, basa Inggris mangrupa basa pangséjénna sacara tatabasa jeung kosakecap. Kosakecap basa Inggris loba dipangaruhan ku basa Perancis, nu asup ngaliwatan talukna bangsa Normal jeung satuluyna ngaliwatan pamakéan basa Perancis minangka basa resmi salila mangabad-abad di lingkungan pamaréntahan

Status basa[édit | édit sumber]

EN (ISO 639-1)

Basa Inggris nyaéta basa munggaran di Amérika Sarikat, Australia, Bahama, Barbados, Bermuda, Britania Raya, Guyana, Jamaika, Selandia Anyar, Antigua jeung Barbuda, Saint Kitts jeung Nevis sarta Trinidad jeung Tobago.

Lian ti éta basa Inggris ogé mangrupa salah sahiji basa resmi di sababaraha nagara, saperti di Afrika Kidul, Nigeria, Belize, Kanada, Hong Kong, Irlandia, Singapura jeung lianna.

Di dunya, basa Inggris mangrupa basa kadua munggaran nu diulik. Basa Inggris bisa sumebar alatan pangaruh pulitik jeung imperialismeu Inggris nu diteruskeun ku Britania Raya di dunya. Salah sahiji papatah Inggris jaman baheula ngeunaan karajaan Inggris nu katelah Imperium Britania (British Empire) nyaéta tempat "dimana panonpoé teu kungsi surup” (“where the sun never sets”).

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Kamus[édit | édit sumber]

Nulis.jpg

[[kategoriهـجحخبتث

Basa di Pakistan|Inggris]]